Robot haté
“Pak, kamari réréncangan sakola abdi nyandak
rorobotan ka sakola”. Abdi nyarios ka bapa bari mikaharep sugan di
cumponan. Tapi bapa malah ngawaler ku cara nu santai, “Oh, janten rénking
hiji hela atuh.” Abdi ambek, wawayangan tina daun sampeu menang bapa di
alungkeun kana juru panto bari lumpat kana tangkal jambu terus naék nepika
puncak. Dina puncak tangkal jambu éta abdi ninggal lembur anu kacida éndahna. Katénjo
salah sahiji babaturan sakelas keur maca diburuan imahna. “Pantesan bisa
rénking hiji waé da segut ngafalkeun. Éh naha ari batur bisa, ari urang
henteu.” Kereteg dina hate bijil. Ahir semester datang, abdi kenging
réngking hiji. Ku abdi raport di pasihkeun ka bapa. Bapa seuri bari nyandak
sababaraha lembar artos beureum tina dompétna. “Ieu candak, engké sareng
mamah kapasar mesér rorobotan téa.” Atohna teu bisa diungkapkeun, bari di
cekelan éta artos téh abdi naék kana tangkal jambu. Bari ngalamunkeun ulin
rorobotan, kadéngé sora ambulan ti jalan. Éta ambulan nurunkeun Pa Mahdi nu
nembé kaluar ti rumah sakit. Jol téh kereteg dina haté, “ah hoyong janten
dokter, ngerah bisa nulungan nu gering.” Abdi balik kaimah terus bébéja ka
bapa, “Pa moal janten mésér rorobotan téh, badé ditabungkeun. Hoyong kuliah
kedokteran.”
No comments:
Post a Comment