SEKOLAH DASAR …………………
UJIAN
TENGAH SEMESTER II (UTS)
TAHUN
PELAJARAN 2015/2016
Mata Pelajaran : Bahasa Sunda Nama : ………………..
Kelas : V Waktu : 60
menit
Hari, tanggal : …………………..
I. Cakra (x) a, b, c atawa
d dina jawaban nu
bener!
1. Lamun rék meuntas alusna mah nungguan lampu ……………….
a. Héjo
b. Berem
c. Konéng
d. Ungu
2. Saméméh indit ka imah Pa Harun, Rani ménta …………….heula
ka bapana.
a. Ngijinkeun
b. Ijin
c. Ngijinan
d. Diijinkeun
3. Timana asalna tangkal mahkota déwa téh?
a. Kalimantan
b. Sumatera
c. Irian
d. Bandung
Bacaan ieu dihandap pikeun ngeusi soal
nomer 4 – 9!
“Pak, kamari réréncangan sakola
abdi nyandak rorobotan ka sakola”. Abdi nyarios ka bapa bari mikaharep
sugan di cumponan. Tapi bapa malah ngawaler ku cara nu santai, “Oh, janten
rénking hiji hela atuh.” Abdi ambek, wawayangan tina daun sampeu menang
bapa di alungkeun kana juru panto bari lumpat kana tangkal jambu terus naék
nepika puncak. Dina puncak tangkal jambu éta abdi ninggal lembur anu kacida
éndahna. Katénjo salah sahiji babaturan sakelas keur maca diburuan imahna. “Pantesan
bisa rénking hiji waé da segut ngafalkeun. Éh naha ari batur bisa, ari urang
henteu.” Kereteg dina hate bijil. Ahir semester datang, abdi kenging
réngking hiji. Ku abdi raport di pasihkeun ka bapa. Bapa seuri bari nyandak
sababaraha lembar artos beureum tina dompétna. “Ieu candak, engké sareng
mamah kapasar mesér rorobotan téa.” Atohna teu bisa diungkapkeun, bari di
cekelan éta artos téh abdi naék kana tangkal jambu. Bari ngalamunkeun ulin
rorobotan, kadéngé sora ambulan ti jalan. Éta ambulan nurunkeun Pa Mahdi nu
nembé kaluar ti rumah sakit. Jol téh kereteg dina haté, “ah hoyong janten
dokter, ngerah bisa nulungan nu gering.” Abdi balik kaimah terus bébéja ka
bapa, “Pa moal janten mésér rorobotan téh, badé ditabungkeun. Hoyong kuliah
kedokteran.”
4. Anu jadi palaku dina carita diluhur ngambek kusabab
…………
a. Kahayangna teu di cumponan ku bapana
b. Hayang boga cocooan
c. Hayang jadi dokter
d. Hayang réngking hiji
5. Kumaha watek éta palaku téh?
a. Miboga tekad nu kuat
b. Babari éléh
c. Ogoan
d. Pelit
6. Dimana latar tempat dina carita diluhur?
a. Di imah
b. Disakola
c. Di rumah sakit
d. Dina ambulan
7. Basa lemes tina kecap “Cokot” nyaéta ………….
a. Candak
b. Nyandak
c. Kacandak
d. Dicandak
8. Tangkal naon nu di taékan ku palaku dina carita
diluhur téh?
a. Tangkal jambu aér
b. Tangkal jambu monyét
c. Tangkal jambu
d. Tangkal waru
9. Dina tungtung carita, éta palaku téh miboga cita-cita
jadi ………….
a. Dokter
b. Sarjana
c. Pangusaha cocooan
d. Guru
Bacaan ieu
dihandap pikeun ngeusi soal nomer 10 – 13!
Buhaya kaasup kana bangsa kadal gedé,
sacara alami buhaya téh kaasup kana anggota suku Crocodylidaé. Sato ieu
hirupna di cai, matak teu bisa jauh tina daérah nu loba cai. Dina bahasa
inggris, buhaya disebut crocodile, nurutkeun kana bahasa yunani kusabab
baheulana urang yunani barang nénjo ieu sato di susukan Nil nyebutna krokodilos. Awak ieu sato
bisa leuwih ti 5 meter tur mibogaan berat nepika 1,2 ton leuwih. Jenis buhaya
anu pang gedéna nyaéta buhaya muara nu aya di wilayah asia tenggara nepika
Australia, kaasup Indonésia.
10. Bacaan déskriptif diluhur nyaritakeun hiji sato nu
ngaranna ……….
a. Buhaya
b. Buaya
c. Kadal
d. Cakcak
11. Disebut naon buhaya kuurang Yunani?
a. Krokodilos
b. Krokolilo
c. Crocodile
d. Buaya
12. Jenis buhaya anu pang gedéna biasa hirup di daérah………
a. Asia tenggara
b. Éropa
c. Alaska
d. Amérika
13. Buhaya kaasup kana sato nu hirup di ……….
a. Cai
b. Darat
c. Leuweung
d. Gunung
14. Ku indungna ti leuleutik anak maung geus diajarkeun,
iwal …………
a. Moro
b. Ngojay
c. Néwak sato lemah
d. Carana ngahakan boroanana
15. Jeung tatangga téh urang kudu …………
a. Kahadéan
b. Alus
c. Hadé
d. Goréng
II.
Jawab kalayan singget tur jéntré!
1. Alusnamah trotoar téh ulah dipaké ……….
2. Panyakit naon waé nu bisa diubaran ku mahkota déwa?
3. Jieun kalimat ngagunakeun kecap – kecap ieu dihandap!
a.
Pikasieuneun : ………………..
b.
Pihujaneun : ………………..
c.
Dipikaresep : ………………..
4. Bahan dasar pikeun nyieun témpé nyaéta …………….
5. Pare téh kaasup sabangsa ……………
III.
Prak ku hidep tangtukeun mana waé pagawéan
anu hadé (H) jeung mana nu kaasup pagawéan nu kurang hadé (KH)!
1. Sok sanajan kana sasatoan, tapi urang kudu mikanyaah.
(………)
2. Daripada di pelakan paré mending dijual sawah téh,
keur meuli motor.(……..)
3. Lamun aya nu kacilakaan dijalan kuurang kudu di
tulungan. (………)
4. Mending naék angkot ka pasar téh ngerah teu ridu jeung
ngirit énergi. (…….)
5. Ujang mah sok maén gém diwarnét, matakan matana téréh
rusak. (…….)
Soal ini dibuat oleh: Isman Ibrahim Maulana, Guru Bahasa Daerah di SD IT As Saidiyyah, Bandung.